Sunday, September 09, 2007

Wilujeung Sasih Shaum "Marhaban Yaa Rhamadhan"

Assalamu'alaikum wr.wb

Teu karaos asa nembe kamari sasih shaumteh eh ayeuna tos bade munggah deui, kuayana kitu urang sadaya aya saena urang silih pihapunten supados urang sadaya mapag eta sasih anu pinuh ku maghfiroh teh langkung tumaninah. Teu hilap Sim kuring oge nyuhunkeun dihapunten samudaya kalepatan, boh anu dihaja atanapi anu teu kahaja kapara saderek, hayu urang sasarengan ngalaksanakeun ibadah shaum ku kakhusyuan, kaimanan urang salaku umat Nabi Muhammad Saw anu taat sinareng takwa ka Allah subhanahuwata'ala.
Mudah-mudahan urang sadaya dipaparinan kakiatan sinareng kaberkahan dina ngalaksanakeun ibadah shaum eta.Amien...yaa rabbal alamien...
Share This Article Facebook +Google Twitter Digg Reddit

2 comments

pertamax dan gas elpiji yang jadi gosip murahan akhir2 ini, eh naha te nyambung he .. he ..

hatur nuhun tos ngalangkung deui, muhun ah da nga-rumasa-keun hirup di lampung, nya abdi teh kedah aya upaya kanggo merjoangkeun harkat hirup nu ngumbara di lampung.

sami-sami bilih aya kalepatannya, wilujeung kenging kaberkahan sasih Shaum nya

Wilujeung mayunan sasih shiam kang :) salam pangwanoh ti palih kidul

hayu atuh urang ngadubako di www.ngariung.com diantos pisan kang hehe